Bahan:
1 kg lauk cai, disisit, dikumbah dugi ka beresih. Cukaan 1 sdt, kanggo ngicalkeun hanyirna antep 15 mnt. Tos 15 mnt, kumbah deui laukna, tuuskeun. Uyahan 1 sdm pinuh tambahan pecin. Galokeun. Pami hoyong nyerep simpen sawengi na kulkas.
Bungbu + Ngadamelna:
10 siki Muncang, 2 buku curuk koneng, 5 sihung bawang beureum, direndos dugi ka lemes. Goreng ku mantega campur minyak. Tos tiis lebetkeun bawang daun kenging nyiksik sareng daun surawung. Aduk dugi ka nyampur.
Sayogikeun daun cau manggala (pami aya) Lauk balur ku bungbu tadi, beuteungna dilebetan oge bungbu.
Bungkuskeun ku daun cau bade janten sabaraha bungkuseun kumaha kapalay. Naha bade dua dua atanapi hiji-hiji sabungkusna.
Tilepkeun tungtung sareng tungtung diseumatan. Buntel deui ku koran. Seupan upami hoyong empuk dugi kacucuk-cucukna, nyeupanna kirang langkung 5 jam, tiap sajam sakali tambihan cai bilih saateun.
Tos asak angkat. garang dina katel supados peungkeur. Parantos.
Wilujeng Mais Lauk!
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id




